

BASA INDUNG
Ku :Cucu Hayati
Bahasa ciciren bangsa
Linuhungna bangsa lantaran gumelarna undak usuk basa nu diropea ku papada.
Lain carita lain rineka
Tapi saujratna nu di tamplokeun kalayan daria
Kajembaran bahasa sunda kakoncara nepi ka mancanagara
Endahna teu dipibanda kunu lian
Gumulung tur murwakanti
Naha gening bet gumelar jadi bahasa indung
Cukanglantaran,aya lisan nu dikedalkeun ti indung nu ngandung pikeun ngawanohkeun basa kanu jadi pupinden atina
Saha deui nu rek ngaropea bahasa indung
Iwal ti urang nu ngaku kana linuhungna bahasa sunda
Ulah nepi ka jati kasilih ku junti.
Bahasa deungeun di dama-dama,bahasa sorangan ka boler- boler
Teu saeutik rasa era ,mangsa ngucapkeun bahasa sorangan,
Pajar cenah kampungan,udik,geus tinggaleun ku jaman
Ukur was wes wos mamalayuan nu geus teu eunteup seureuhna.
Ngarasa reueus bahasa indung dijadikeun pinunjul jadi bahasa internasional
Guligah mangsa ngedalkeun geus teu kudu rempan hariwang jadi bahan gogonjakan nu teu resep kana kamekaran bahasa sunda
Yu urang jungjung bahasa indung
Dukung ulah nepi ka pundung
Ulah adigung ku basa luhung
Geura prak ropea dibarengan ku ati nu pinuh ku linuhung
Sing jadi pangagung dimana wae ayana geura makalangan tur manggung
Ulah mangprung mangsa can lekasan tatarung
Hamo pundung muntacan bisa ngajungjung.
Prung geira ropea bahasa indung.
Bandung
21.02.21
15.00